• Susan Susanti, S.Pd.
  • Bahasa
  • 2020-08-20 20:43:02
  1. Harti Sawala/Diskusi

SAWALA atawa Diskusi nyaeta kagiatan tukeur pikiran pikeun mahamkeun hiji pasualan jeung maluruh nu ngalantarankeun timbulna pasualan, sarta neangan jalan pikeun ngarengsekeunana. Ilaharna diskusi ngalibatkeun sababaraha urang. Malah dina kagiatan-kagiatan umum mah, anu ngalibatkeun jalma loba, kudu loba pangaturan anu jelas supaya prosesna lancar tur bener.

Lian ti éta aya ogé nu disebut rapat, nyaéta gempungan para pangurus organisasi atawa perkumpulan nu aya patalina jeung pancén atawa rupa-rupaning pasualan.Rapat biasana dipimpin langsung ku kapala atawa pupuhu éta organisasi.Sabagé pamingpin, kapala instansi ngarahkeun obrolan, pamanggih, koméntar para pamilon supaya kaputusan nu dihasilkeunana bener-bener luyu jeung tujuan rapat.

  1. Para PamilonSawala/Diskusi

Para palaksana diskusi ngabogaan pancén séwang-séwangan.Maranéhna aya nu disebut moderator atawa panumbu catur, sekretaris, narasumber atawa panelis, jeung paserta.

  1. Moderator
    Pancénna nyaéta saperti di handap ieu.
  1. Nepikeun pasualan-pasualan nu baris didiskusikeun.
  2. Nepikeun aturan maén atawa tata cara diskusi.
  3. Muka jeung nutup jalanna diskusi.
  4. Ngatur jalanna diskusi.
  5. Ngajaga kalumangsung diskusi luyu jeung tujuan ogé jadual nu ditangtukeun.
  6. Nepikeun kasimpulan-kasimpulan diskusi.
  1. Sekretaris
    Pancén poko sekretaris diskusi.
  1. Nyatet ngaran peserta diskusi jeung tanggapan-tangapanana.
  2. Nyatet kajadian atawa hal-hal husus salila diskusi.
  3. Nyieun catetan jeung kasimpulan-kasimpulan samentara diskusi.
  4. Nyieun laporan diskusi sacara lengkep satutasna diskusi.
  1. Panelis
    Dina diskusi-diskusi gedé, sapertikeun diskusi panel atawa seminar, sok aya petugas diskusi séjénna nu disebut panelis atawa narasumber. Pancén pokona nepikeun makalah atawa medar téma diskusi sacara panjang lébar. Manéhna boga peran sabagé narasumber atawa pananyaan pikeun para peserta diskusi patalina jeung hiji pasualan.
  2. Peserta
    Kahadiran jeung andil para peserta utama pisan pikeun kalumangsungan diskusi. Kateuhadiran para peserta diskusi sarua hartina jeung teu aya diskusi. Ti para diskusi, sagala pamanggih, jalan kaluar, jeung kasimpulan-kasimpulan bias dirumuskeun. Ku sabab kitu, para peserta diskusi teu saukur diharepkeun hadir, nu leuwih penting nyaéta andilna ku mangrupa saran, pandapat, atawa koméntar- koméntarna.
  1. Tata Cara Diskusi

Sacara umum, tata cara diskusi ngawengku sababaraha tahapan saperti di handap ieu.

  1. Meunang idin ti moderator

Saméméh nepikeun saran, pamanggih jeung séjén- séjénna, unggal peserta kudu meunang idin ti moderator.Teu cukup ku ngangkat leungeun, peserta diskusi meunang nyora lamun ditunjuk atawa diidinan ku moderator.

  1. Ngenalkeun Diri

Ngenalkeun diri diperlukeun dina diskusi-diskusi gedé, utamana anu pesertana teu saling kenal. Ungggal peserta nu rék nepikeun pamanggih, saran, kritik, jeung sajabana perlu ngamimitian ku ngenalkeun diri: ngaran, kelas/sakola, atawa alamat.

  1. Nepikeun Saran atawa Pamanggih

Dina nepikeun saran atawa pamanggih, hal-hal di handap ieu kudu diperhatikeun.

  1. Saran, pamanggih, jeung sajabana kudu dibarengan ku alesan, fakta, atawa conto nu jelas.

Saran atawa pamanggih kudu ditepikeun kalawan lancar, jelas, sopan, jeung wijaksana.

Add comment

Jl.Lingkar Utara Bekasi Kel. Perwira Kec. Bekasi Utara (sebelah BSI Kaliabang) Raya Bekasi KM.27 Pondok Ungu

Email : admin@smktarunabangsa.sch.id

Pengumuman

© 2024 SMK Taruna Bangsa Kota Bekasi. All Rights Reserved.