• Susan Susanti, S.Pd.
  • Bahasa
  • 2020-07-18 13:03:17
CARITA BABAD SUNDA

MEDAR PERKARA CARITA BABAD

Dina kabeungharan pustaka sunda aya sawatara naskah buhun (manuscript, handscript) nu digolongkeun kana kelompok babad. Babad nyaéta wanda carira anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana jeung sajarah. Istilah babad dina pustaka Sunda téh asalna ti Jawa. Samémehna mah disebut carita baé. Upama carita Parahiyangan, carita Ratu Pakuan jeung carita Waruga Guru. Iwal ti éta istilah séjén nu dipake dina pustaka Sunda téh sajarah, misalkan sajarah Sukapura.

Naskah Sunda kelompok babad nu geus kapaluruh téhjumlahna kawilang réa, nu ngawengku puluhan judul saperti nu bisa katéang dina katalog-katalog naskah Sunda nu geus medal. Sawatara naskah babad téh kiwari aya nu bisa ditéangan kalawan gampang, sawaréhna deui bisa ditéangan tapi teu gampang.

Numutkeun M.A Salmun (1963) babad téh sabangsa sajarah anu henteu teges historisna, henteu beunang dicekel deleg dokuméntasina, tampolana eusina sok dibauran ku saga (sage) légénda jeung mitos atawa fabél.

Eusi babad téh umumna mangrupa carita nu aya patalina jeung hiji patempatan sarta dipercaya minangka sajarah. babad réréana ditulis dina wangun wawacan sababaraha contona nyaéta Babad Banten, Babad Cerbon, Babad Galuh, Babad Pajajaran

STRUKTUR CARITA BABAD

Babad téh kaasup karya aastra wangun wawacan. ari wawacan téh umumna nganogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup atawa klofon.

a. Manggalasastra

Eusina sanduk-sanduk atawa ménta widi ka Nu maha kawasa jeung karuhun, sastra ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Pernahna manggalsastra téh biasana di bagian hareup atawa awal, saméméh ngamimitian carita.

b. Eusi

Nyaéta poko carita tina babad. dina ieu bagian dicaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, jeung konflik.

c. Klofon

Pernahna dina ahir carita minangka panutup atawa pamungkas carita. Eusina titimangsa ditulis atawa disalina eta babad dina wanhun pupuh. Dina ieu bagian nu nulis menta panghampura kana sagala rupa kakurangannana, lantaran nu nulis ngarumasakeun kahéngkéran dirina dina nulis éta babad atawa wawacan.

 

NGARINGKES CARITA BABAD

Carita babad téh naskah aslina mah kandelnpisan. Umumna bisa nepi ka ratusan kaca. ku kituna perlu pisan dijieun ringkesanana aangkan leuwih gampang mikaharti eusi carita.

Dina prosés ngaringkes téh kudu tetep mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran anu nulisna. Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan.

  1. mampuh mahamkeun eusi bacaan nu rék diringkes kalawan daria.
  2. mampuh nyusun deui idé-idéna, bari tetep kudu mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran nu nulisna.

LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN

  1. Maca naskah asli. lengkah ka hiji nyaéta maca naskah aslina sacara gembleng pikeun mikanyaho kesan umum jeung maksud pangarangna.
  2. Nyatet gagasan utama. sakabéh gagasan utama atawa poko pikiran nu penting kudu dicatet atawa ditandaan.
  3. Nuliskeun deui carita babad. carana nyieun kotretan ringkesan make kalimah sorangan dimasar kana gagasan utama
  4. Pariksa deui. maca deui kotretan ringkesan baru dibebener deui upama aya kasalahan.

Video Terkait:



Add comment

Jl.Lingkar Utara Bekasi Kel. Perwira Kec. Bekasi Utara (sebelah BSI Kaliabang) Raya Bekasi KM.27 Pondok Ungu

Email : admin@smktarunabangsa.sch.id

Pengumuman

© 2024 SMK Taruna Bangsa Kota Bekasi. All Rights Reserved.