• Susan Susanti, S.Pd.
  • Bahasa
  • 2021-04-18 22:02:02

A. Pengertian Dongeng Basa Sunda

Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida pisan lobana, diantarana nyaeta dongeng. Dongeng nyaeta carita anu teu asup akal jeung teu bener-bener kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian zaman baheula.

Tapi mun ningali kaayaaan zaman ayeuna mah barudak teh, khususna anu cicing di Tatar Sunda loba anu teu wanoh-wanoh acan kana dongeng.

Kukituna urang salaku kaum muda anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda boga kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra Sunda utamana kana dongeng. Jenis dongeng teh loba pisan rupana diantarana aya fabel, parable, legenda, mite, sage, pamuk jeung dongeng pieunteungeun.

B. Sajarah Kamekaran Dongéng

Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina zaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu. Dina ieu zaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim).

Teu kawas pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jeung saterusna. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat kabar.

C. Wangenan Dongéng Basa Sunda

Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana sok nyaritakeun kajadian – kajadian jaman baheula.

Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok.

Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna atawa anonim. Lantaran nyebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.

Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa. Nilik kana wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina dongéng henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.

D. Unsur-unsur Dongéng Bahasa Sunda

1. Téma

Tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.

2. Galur (Plot)

Galur atawa osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita.

Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.

3. Tokoh

Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.

4. Latar

Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.

5. Amanat

Amanat nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.

Add comment

Jl.Lingkar Utara Bekasi Kel. Perwira Kec. Bekasi Utara (sebelah BSI Kaliabang) Raya Bekasi KM.27 Pondok Ungu

Email : admin@smktarunabangsa.sch.id

Pengumuman

© 2024 SMK Taruna Bangsa Kota Bekasi. All Rights Reserved.